Label

Free WEBSite For You

Visit this site.

Senin, 30 Januari 2012

Dibalik LEGENDA SANGKURIANG 3 (Intisari papatah)


Intisari papatah nu dibewarakeun:

Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu
gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha
Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina
saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai,
acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan
kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung
panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati
dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa
nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya
oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu
aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya,
kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu
dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu
Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun
urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu
ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

SANGHYANG JEUNG DANGIANG


SANGHYANG JEUNG DANGIANG

Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan henteu aya eureunna. Panyakit sarakah nerekab ka mana-mana. Tungtungna silih caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama lai  kaom lemah mah, rahayat leutik cacah kuricakan.

“Kuduna mah Kresna ti heula apal. Tapi buktina bodo balilu nataku. Teu bisa maca kaayaan alam dunya . Matak ti batan digugat ku batur, mending ku aing dulur saluhureun. Detik ieu kénéh geura écagkeun éta gelar batara!” ceuk Baladéwa.

“Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala rupina gumantung ka kersa déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja Triloka.”

Mun teu kitu buktikeun atuh, yén jelema nu ngaran Kresna téh enya-enya wawakil déwa di dunya. Saluyu jeung sesebutanana: Sri Batara Kresna.”

“Dupi carana?”

“Supaya alam dunya tengtrem ayem, dangiang jeung sanghyang kudu ngahiji!”

“Maksadna?”

“Resi Dorna ulah aya di Astina. Teuing kumaha carana, sina pindah ka Amarta!”

Ngadangu kasauran ingkang raka Baladéwa, Kresna ngahuleng sakedapan. Sababaraha kali naros jero manah, walereun anjeunna nyalira: naha atawa semet kayakinan tuang raka. Tapi boa enya, gerentesna. Buktina Pandawa jeung Kurawa, hésé pisan diakurkeunana. Mun lain kawas ucing jeung anjing, lir cai jeung minyak. Moal bisa dihijikeun.

Kitu-kitu émutanana gentos cangcaya. Naon patalina antara gelar anugrah paradéwa jeungkalakuan paraputuna Bharata. Duanana masing-masing. Nya kitu deui rupaning kajadian marcapada, kénéh-kénéh kersaning Jagat Déwata. Paralun gara-gara sanghyang jeung dangiang papisah béda nagara.

“Kumaha Kresna, sanggup atawa henteu? Mun teu sanggup, geura écagkeun ayeuna kénéh gelar batara,“ tambih dibarung tutunjuk sagala.

“Sanés soal sanggem atanapi henteu. Namung naha leres pangna alam dunya gétréng harénghéng téh, gara-gara Sanghyang Ismaya (Semar nu ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang Dorna (anu aya di Sokalima, Astina) papisah béda nagara?”

“Tong bulat-beulit, sanggup atawa henteu?”

“Sakali deui pangapunten, rupina tuang rai moal tiasa nyumponan kapalay salira.”

“Teu nanaon. Ngan sing boga kaéra. Jeung ulah hayang dipaksa, ayeuna kénéh écagkeun gelar batara ka Kresna. Leuwih hadé Kresna ulah aya di dunya.”

“Aéh-aéh naha jadi ka dinya léosna, “ saurna, Kresna kagét ningali Prabu Baladéwa langsung ngagegesek dampal panangan kiwa jeung tangen.

“Nanaonan Kakang éta téh,” niatna badé ngahalangan laku rakana. Hanjakal elat, margi tina dampal panangan Prabu Baladéwa, kabujeng bijil cahaya pikaserabeun. Disusul burinyayna tanda pakarang sakti Nenggala, sumping nyumponan pangangkir dununganana.

“Keur pamungkas, sanggup atawa henteu, ngahijikeun sanghyang jeung dangiang?” kituna téh bari nonjokkeun congo Nenggala kana lebah dada Kresna.

Kantenan Kresna tambih reuwasna. Sageuy anjeunna teu uninga, kumaha kasaktian Nenggala. Sakilana dilempagkeun, ulah ku katibanan langsung, sanajan ukur kaliwatan, gunung urug sagara saat. Batu ancur, tatangkalan rarungkad. Anu mawi mééh sok masihkeun éta pakarang, Prabu Baladéwa dipeupeujeuhan, sangkan ulah ngagunakeun sadaékna. Tapi pikeun mayunan karaman jahat, nu teu teurak ku pakarang séjén, Nénggala kakara meunang dipaké.

“Kakang nanaonan ieu téh? Simpen deui. Kumaha mun tuang rai janten korban!”

“Naon gunana Kresna hirup. Batan diwiwirang ku batur, dianggap Batara ukur ngaranna, mending dipaéhan ku aing lanceukna. Iwal sanggup ngahijikeun sanghyang jeung dangiang!”

“Simpen heula pakarangna,” Kresna ngawitan bingung, kedah kumaha ngalelemah ingkang raka. Rék lumpat ka mana, geus teu aya kasempetan. Tungtungna, “Kakang ampun Kakang.”

“Jangji heula rék sanggup ngahijikeun sanghyang jeung dangiang?”

*****

Caturkeun di Jonggring Salaka Kadéwan, Hyang Otipati Jagatnata, teu kirang-kirang reuwas sareng hariwangna, ngabandungan kalakuan dua putra Basudéwa.

“Emh … dasar Ki Narayaka (jenengan Baladéwa waktos tacan sawawa) kalakuan téh, mindel lebeting manahna. Ku anjeunna jol kajudi, bakal kumaha jadina, saupami Baladéwa ngalaksanakeun niatna, padahal pan tugas Kresna téh panjang. Di antarana jadi saksi perang Bhatarayuda jaga.”

Sabot kitu katingal aya nu nu sumping, bari celak-celuk ti jauhna:

“Adi Guru …. Adi Guru … tiwas ….tiwas ….Adi Guru,” sidik soanten Hyang Narada Kabayan Déwa.

Bagéa Kakang,” Hyang Guru ngabagéakeun nu sumping.

“Moal panjang misaur, naon nu kedah dilakukeun ku Akang ayeuna?” cenah semu haruhah-haréhoh.

“Buru-buru lungsur ka Marcapada, bilih kabujeng duana ilang wiwaha. Émut di Kresna aya cakra. Dina kadéséhna piraku teu sami nékadna. Upami dugi ka kitu, dunya bakal kiamah jadina.”

“Nya éta nu mawi Akang rurusuhan nepangan téh,” langsung mundut widi seja ngajalankeun tugas, salaku Kabayan Déwa.

Naon nu dipikahariwang ku Batara Guru sareng Narada, ampir-ampiran ngawujud. Ngaraos kulak canggeum bagja awakna, sasat aya dina dampal panangan rakana, Kresna kapaksa ngetrukkeun élmuna. Batan jadi caduk Nenggala, leuwih hadé ngaluarkeun pakarang nu teu kurang saktina, nya éta panah Cakra Wijaksana. Kumaha onam Nenggala, sakalina dipentangkeun paralun mulang natambuh.

Malah cakra mah aya langkungna. Ulah sina ngancurkeun alam du nya, malah alam kadéwataan bisa rata.

“Nyaan Kakang téh rék téga?” sasauranana robih janten rada kasar. Éta cirina Kresna ngawitan teu kiat nahan amarah.

“Maké teu téga. Jang nanahaon gableg adi nyangking gelar batara, tapi dipeto sina ngahijikeun sanghyang jeung dangiang baé teu metu. Pokona titis tulis ti ajali, gurat kodrat ….” cenah teu kebat. Sabab katingal Kresna nepak dada palih kénca. Sarta harita kénéh alam dunya teu pupuguh poék mokléng, méméh muncul cahaya gumilang. Disusul aya sora handaruan, badis tujuh gunung bitu, ditambah sagara bengkah.

Tegas Baladéwa parantos enya nékadna. Matak panangtang Tuang Rai Sri Batara Kresna, moal rék dipanglumpatkeun. Nénggala siap pisan dilempagkeun, waktos kadangu soanten Panji Narada:

“Aéh-aéh …. nanaonan Narayaka-Narayana,” saurna, buru-buru lumungsur ti langit pingpitu.

Abong kasauran déwa, dua satria nu tadina parantos ilang wiwaha, lir nu saré dihudangkeun. Éling teu sakara-kara.

“Hayoh asupkeun deui éta pakarang!”

Sorot soca Batara Narada, sageuy teu aya matakna. Duanana kawas munding dicocokan irungna, jol anu manut sakumaha pamundut Kabayan Déwa. Nenggala jeung Cakra balik deui kana tempatna. Alam dunya katut eusina teu tulus jadi korban dua gegeman linuhung lungsuran déwa.

“Nanaonan ari manéh Narayaka?” saurna ka Baladéwa.

“Ah, da maksudna gé ukur nyingsieunan,” bébéléhéman.

“Nyingsieunan ngarah naon?”

Baladéwa teu ngawaler. Nya kitu deui Kresna, cekap tumungkul tawis nyanggakeun sembah hormat. Ongkos teu diwaler. Piraku teuing harkat déwa, maké teu apal asl-usulna.

“Sanghyang jeung dangiang mémang ngahaja dipisahkeun. Hartina moal ngalalakon bisa dihijikeun. Atuh ari ngahiji mah, perang Bhatarayuda téh kana bolay. Da apan gara-gara Aya Dangiang Dorna, Kurawa ngarasa nguntup kana wewesen para Pandawa. Maranéh nyaho kumaha balukarna upama Bhatarayuda nepi ka bolay?”

Duanana angger teu ngawaler. “Lian ti harkat déwa bakal ruksak, kagoréngan bakal leuwih langgeng ngawasa alam dunya!****

Dicutat tina: Majalah Manglé No.2150

Carpon Wayang Ki Jatnika

Sumber : Mustika Basa KelasXI

mugya manpaat,,Rahayu _/\_

CAG

kumpulan Ajian-Jampe-Rajah-mantra-jangjawokan sunda

Sampurasun,
Pun Sapun

salam silih asih-asah-asuh-silihwangi..................
salam saUDARA ,dengan ini saya ingin berbagi wawanginya warisan titinggal Karuhun dalam melestarikan Budaya NYA,semoga ada yg bermanfaat bagi saUDARA smua....

jangjawokan


Pangubar ku cai  :
Bismillah.. Sudyana sudyani nyireun keun Cai pancar BANYU PANCAWAH WALUYA.. Banyu panawuh wuwur keun luyuh waras waluya.. Suwanah sudyana na cai tuwuh mawuh kersa ning Gusti Asih.. Waras waluya wadag sumaya kersa ning Gusti Nu Agung...

 REK NYEUPAH :
Seureuh seuri
Pinang nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay
Cucunduking aing taruk harendong
Cucunduking aing taruk paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup

 
Jampe Nyimpen Beas
Mangga Nyi Pohaci
Nyimas Alame Nyimas Mulang
Geura ngalih ka gedong manik ratna inten
Abdi ngiringan

Ashadu sahadat panata, panetep Agama
Iku kang jumeneng Roh idopi
Kang ana teleking ati
Kang ana lojering Allah
Kang ana madep maring Allah
Iku wuju salamaet ing dunya
Salamet ing akherat

Asahadu anla ila haileloh
Wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah
Abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa
Nyanggakeun sangu putih sapulukan
Kukus kuning purba herang
Tuduh kang seseda tuhu
Datang ka sang seda herang
Tepi ka kang seda sakti
Nu sakti neda kasakten
Neda deugdeugan tanjeuran

Contoh-contoh Jampe-Rajah-mantra sunda :
 
 Ajian



Ieu elmu katimbunan

Badan kuat teu karasa

Duk sakumpul asa kapuk

Duk sarempang asa kapas

Ampulna hampangna
 Ku pangaresa Alloh sorangan.


 Ajian



Les peteng nu peteng

les leungit tandana peteng

Nini Hanatik leutik

asup kana ruas leutik
 awaking Si Raga Ruas


 Asihan



Asihan aing si burung pundung

Maung pundung datang amum

Badak galak datang depa

Oray laki datang numpi

Burung pundung burung cidra kukarunya
 Malik welas malik asih ka awaking



Asihan

Asihan sabeulit bumi

Asihan salinlang buana

Brag asih da di asih

Nu asih lungguh na biwir

Nu haat lungguh na soca

Roh tuk-truk tuh badan si anu (....)

Mang kawelas, mang ka asih

Raat asih ka badan awaking.

Asihan

Nu cunduk bayu si anu

nu datang atma si eta,

reujeung satineung jeung aing

mangka datang jeung ragana

mangka cunduk jeung bayuna

mangka baraya jeung satineung

mangka tunggal atmana

iya rasa nira iya rasa nisun

saking purbaning pangeran
 asih na asih ka awaking


 Asihan



Nu bogoh paboro-boro

nu hayang paheula-heula

nu beuki pagiling-giling

ne banyu pagulung-gulung

ne atma paheula –heula

mangka reujeung satineung

da tungkul geusan jeung sukma

mangka lebur ucus rumangga bayahna

mangka rug-rug sagalana

mangka asih ka awaking

da urang reujeung satineung

da urang reujeung sa bayu

daurang reujeung sarasa
 iya iku asihan sang uleut jati


 Asihan



Ka Indung anu ngandung

Ka Rama anu ngayuga

Ka Indung nu teu ngandung

Ka Rama anu teu ngayuga

kadulur opat kalima pancer

Pang nepikeun ieu hate

Ka Indung na anu ngandung

Ka Rama na anu ngayuga

Ka Indung na nu teu ngandung

Ka Rama na anu teu ngayuga

Kadulur na opat kalima pancer

Kalawan kanu ngurus ngaluis hirup jeung huripna... (sianu) .......
 Pamugi sing ............


 Asihan



Tunjuk curuk masing rincuk

di tunjuk kadua mangkuk

di ondang sangkala datang

basa sia........geus di tungtun

sukma sia..........geus di bawa

beunang sia ........ku aing

teu wedi paseuri-seuri

teu weudeu padeuleu-deuleu

tepung tingal mendak layan

amprok jonghok mendak jodo
 aing.........geura tuturkeun.


 Jampe



Bismillaahirrohmaanirrohiim

Niat ingsun neda tapa

Ka nabi ka para wali ka Alloh ka Rosullulloh

Niat ingsun puasa

Ing dina poe kawasa

Turun Kabul
 Bul Kabul paneja ingsun.


 Jampe mencerahkan pikiran



Allahuma hujud bungbang

Nu hurung dina jajantung

Nu ruhay dina kalilipa

Remet meteng dina angen

Bray padang ….. Alllah.

Pangmukakeun kareremet nu aya didiri kula

Bray padang,

Brya caang,

Caangna salalawasna
 Lawasna Saumur kula


 Jampe



Bismillaahirrohmaanirrohiim

Sri Wilayang wiyat guna mulih guna
 Sira mati yamati ya mati ya


 Jampe Menta Lauk (minta ikan)



Aki Batara Gangga nu ti girang

Aki Batara Ginggi nu ti hilir

aing ménta ingon-ingon
 geura top


 Jampe Unggah



Ashadu sahadat bumi

Ma ayu malebetan

Bumi rangsak tanpa werat

Lan tatapakan ing Muhammad
 Birahmatika ya arohmana rohomin


 Jampe Turun



Allohuma ibu bumi

Medal tapak tatapakan

Turun wawayanging ing Muhamad
 Birahmatika ya arohma rohimin.


 Jampe Ngisikan (mencuci beras)



Mangga Nyimas Alene Nyimas Maulene

Geura siram dibanyu mu’min

Di Talaga Kalkaosar

Abdi ngiringan

Nyi Pohaci Budugul Wulung

Ulang jail babawaan kaula
 Heug



Nyi Pohaci Barengan Jati

Ulah jail kaniaya

Ka Nyi Pohaci Sukma Jati
 heug


 Jampe Nyimpen Beas (menyimpan beras)



Mangga Nyi Pohaci

Nyimas Alame Nyimas Mulane

Geura ngalih ka gedong manik ratna inten
 Abdi ngiringan



Ashadu sahadat panata, panetep gama

Iku kang jumeneng lohelapi

Kang ana teleking ati

Kang ana lojering Allah

Kang ana madep maring Allah

Iku wuju salamaet ing dunya
 Salamet ing akherat



Asahadu anla ila haileloh

Wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah

Abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa

Nyanggakeun sangu putih sapulukan

Kukus kuning purba herang

Tuduh kang seseda tuhu

Datang ka sang seda herang

Tepi ka kang seda sakti

Nu sakti neda kasakten
 Neda deugdeugan tanjeuran



Jangjawokan

Seureuh seuri

Pinang nanggeng

Apuna galugaet angen

Gambirna pamuket angen

Bakona galuge sari

Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay

Cucunduking aing taruk harendong

Cucunduking aing taruk paku hurang

Keuna asihan awaking
 Asihan si leuget teureup


 Jangjawokan (Sirep)



Sirep hyung sirep maung

Sirep buta reuwah-euwah

Cau hujung tutulisan

Musuh-musuh ulah tunduk

Musuh keyang ulah datang

Ku ngaliwatna kawula macan anu keur leumpang
 Mantak gek lepo siah musuh handapeun aing


 Jangjawokan (Sirep)



Nini kaserangan bima

Aki kaserangan bima

Metuna si ganda muka

Ngadiukan kadigulan

Ngadi cahya sarangenge

Batuk aing sada gugur

Sora aing sada gelap

Bayu sere bayu sera

Bayu kaseraban aing

Sia tungkul aing tanggah
 Sia kasirep ku aing.


 Jangjawokan



Nu ngariung jiga lutung

Nu ngarendeng jiga monyet

Nya aing mandaha !

Maung pundung datang turu

Badak galak datang depa

Galudra di tengah imah
 Kakeureut kasieup ku pohaci awaking.


 Jangjawokan



Curuk aing curuk angkuh

Bisa ngangkuh putra ratu

……

mangka reret soreang
 soreang ka badan awaking


 Rajah



Neda agung nya paralun

Ka batara ka batari

Ka batara neda suka

Ka batari neda widi

Agungna ka nu kawasa
 Mugi di jarring ku gusti



Karuhun mangka ngariung

Nini aki jadi saksi

Uteuk tongo walang togo

Sakabeh taluk ka kuring

Kabeh pada nyaraksian
 Kana ucap kuring tadi.


 Rajah



Bismillaahirrohmaanirrohiim

Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara

ulah idi ka pepelakan aing

maring pare maring sipat sajeneng

kalawan ingsun sasipat

kalawan ingsun maojud maring datulloh

maring sipat beas

sajeneng kalawan isun

maojud maring datulloh

Sri asih ka bangsa tunggal kagungan

Sri suci mulya badan

sampurna tunggal iman

Ambu pancering iman

Bapa tangkaling iman

gagang aing gagang iman

salupih aing dadi lansip
 dadi sasip dadi lancip


 Singlar



Curulung cai ti manggung

Barabat ti awing-awang

Cai tiis tanpa bisi

Mun deuk nyatru ka si itu

Mun deuk hala ka si eta
 Anaking palias teuing.


 Singlar



Ong gambang-gambung

teluh katimpuh buta kasinglar

wong sira pada suminggah

ya wisésa

ya aing patapan masdaru

patapan daruni

ratu neluh buta ajur

Si Lumbak Si Atong

Si Ngudak Si Cocolongok

Si Kapulaga sira liman jeneng

ingsun Sutera Mangaya

luwas waluya walaidun desit

cundek kalacalu sipat nabi

Sipat iman iya Rosululloh.
 Keun urang teundeun di handeuleum sieum geusan sampeureun, cag urang tunda di hanjuang siang geusan alaeun paragi nyokot ningalkeun waktu payun.........

 
Nu ngariung jiga lutung
Nu ngarendeng jiga monyet
Nya aing mandahna
…………..
kakeureut ka sieup ku pohaci awaking

Atau :
Curuk aing curuk angkuh
Bisa ngangkuh putra ratu
……
mangka reret soreang
soreang ka badan awaking
.......
Rahayu
=CAG=

Bahan Bacaan : 
1.    - Sastra Lagu – Mencari Hubungan Larak dan Lirik, Wahyu Wibisana dalam, Buku Lima Abad Sastra Sunda, Geger Sunten – Juni 2000
2.    - Kebudayaan Sunda, Edi S. Ekadjati, Pustaka Jaya – 1995
3.    - Prabu Siliwangi, Moh. Amir Sutaarga – 1966.
4.            - Keterangan almarhum Bapak Nunung Setiya – Ciwidey Bandung

Minggu, 29 Januari 2012

Dibalik LEGENDA SANGKURIANG 2 (harti dina carita)


Harti dina carita nu kasungsi :

Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung
kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon ”Danau Purba
Bandung” karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu
ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun
carita.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun.
Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang
jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong
hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan
leuwih talilti, eces tur museur. Tumang teh
mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna
koneng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah
kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan
sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng
ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina
wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya
jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu
mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa.

Dibalik LEGENDA SANGKURIANG


LEGENDA SANGKURIANG

Dongeng atawa oge sok disebut legenda atawa sakakala
Sangkuriang mangrupakeun salah sahiji dongeng nu
paling kakoncara di tatar Sunda, malahan dongeng ieu
sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeung
kaSUNDAan.