Intisari
papatah nu dibewarakeun:
Sasakala
Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu
gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha
Kawasa
ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.
Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina
saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai,
acining
angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan
kadaharan
jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung
panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati
dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa
nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya
oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu
aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya,
kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu
dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu
Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun
urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu
ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.