Label

Free WEBSite For You

Visit this site.

Minggu, 19 Februari 2012

CARITA PARAHYANGAN (naskah kuno)


Carita Parahyangan


INdéh nihan Carita Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.


II
Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat Resi Makandria. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna. Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak." Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé  hanteu." Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka Kéndan." Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka dinih?" - "Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami  kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang hanteu di na anak." Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking." Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru,  "Étén anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari Jabung." Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.







III
Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka tegal." Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing nu numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun. Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.

IV
Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan, Rahiyangtang Kulikuli ; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan ; Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi ; Sang Sandanggreba diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit. Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti. Lawasniya ratu salapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg kana goréng twah. Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.

V
Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak. Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di Galuh. Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga  éwé.


Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna inya pideungeuneun siya satapa." Sang Resi ngagisik tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang Sempakwaja, eukeur melit. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta ?" Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi di Sanghiyang Talaga Candana. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi ?" Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.

VI
Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel. Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung." "Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!" Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.

VII
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah." Leumpang Pwah Rababu ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu aing téh." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan. Bawa ka tegal!" Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang aprama tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. "Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!" Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.



VIII
Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri. Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?" Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora." "Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan siya leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda." Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?" "Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru." Dibikeun ku Rabuyut Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora. Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.

IX
Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!" Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha béja siya, Sang Apatih?" "Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang Purbasora." Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji  Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya ; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti." Rahiyang


Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang Sanjaya. "Dara aing para dinih, digérékan. Éléh pun kami." Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?" "Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami. Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.

X
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding satempahan, bras sapadangan." Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha béja siya ?" "Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang  Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan." "Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding satémpahan, kawali wesi, bras sapadangan." Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya, Pakembangan?" "Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan katuduh. Ja aing anak déwata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara Dangiyang Guru. Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan. Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur. Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja. Buyuthadén Pager gunung di Muntur. Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di Kuningan.

XI
Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati. Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak sapilanceukan. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja. Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja. Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing aki, sang apatih!" Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang  nyayangan Sanghiyang Darmasiksa, mulah mo déngé!" Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!" Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar, diprang, éléh sang ratu Bima. Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.

XII
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma diArile, diheueumdeungna para patih; gusti winekasan pangajaran kaparamartan. "Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya." Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h). "Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut Rahiyangtang Kuku." Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung, disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya." Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang." Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum deungna para patih kalih. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?"

XIII
Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja. Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahingadegkeun haji sang manitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang Kuning. Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang ?. Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang, dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga." Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun bakti ka Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka dinih?" Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?" Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya." Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha carék Rahiyangtang Kuku ka urang?" "Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,  gawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana. Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi anak déwata. Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka. Sabdana tangkarah, "Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na caturyuga." "Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli, Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya." Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata. "Urang ka nusa Demba!" Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati. Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku. Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari. Manguni : "Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih. Tanyana: "Mana?" "Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring dalem hanteu pulang deui. Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu tangkarah : "Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda." Dah sedeng pulang  Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah. Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya." Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.

XV
Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma ti wétan. Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang  Tamperan, dwa sapilanceukan denung Rahiyang Banga. Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang Banga ku Sang Manarah. Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan. Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu. Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama. Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun. Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.

XVI
Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya. Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya : "Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati." Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri – bima -untarayanamadura - suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata. Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana raja utama. Lawasniya ratu saratus tahun.

XVII
Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener. Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun. Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun. Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé. Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun. Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun. Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun. Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun. Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah rampés, turun na kretayuga. Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan. Ti naha bagina? Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan Sanghiyang Siksa. Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun. Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.

XVIII
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten,  ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit. Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés na agama, kretajuga. Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai. Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata. Nu di tiru ogé paké Sanghiyang Indra, ruku ta. Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh. Nya mana sang rama énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg manu-rajasuniya. Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun, kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.

XIX
Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan tahun. Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.

XX
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

XXI
Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka. Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung. Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang. Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring sagara. Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta précinta. Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.

XXII
Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha, asampé ring sang pandita. Aja tinut dé sang kawuri, polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.

XXIII
Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.

XXIV
Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu ngayuga sanghara, kreta, kreta. Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké lamaniya manggirang, lumekas madumdum cereng. Manga nugraha weka, hatina nunda wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan. Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup ka sangkan beunghar. Lawasniya ratu genepwelas tahun.

XXV
Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa, tembey datang na prebeda. Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam. Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam. Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon, pun.
***



Disadur Dari :
Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Atja, Jajasan Kebudajaan Nusalarang, Bandung – 1968.

Jaka Susuru
Sang Prabu Siliwangi ka VII Raja di Pajajaran kagungan putra jenenganana Munding Mintra Kasiringan Wangi. Dina hiji mangsa magelaran di panca niti dideuheusan para Bopati, Patih, Mantri para Tumenggung.

Sang Prabu Siliwangi ngadawuh ka sadayana Para Bopati, dawuhanana: “Kumaha hé para Bopati, Patih jeung Tumenggung, sa réh na kami kagungan putra pameget, nya ieu si ujang Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi, tacan kagungan garwa, tapi ku kami hayang dijenengkeun Bopati heula!” Piunjukna para Bopati sareng para Tumenggung ka Sang Prabu Siliwangi: “Éta mah sadaya-daya, henteu ngalalangkungan Kangjeng Gusti baé, menggah pijenengeunana putra Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.”

Sanggeusna sang Prabu Siliwangi ngadangu piunjukna para Bopati jeung Tumenggung kitu, lajeng ngadawuh deui: “Ari mungguh kahajang kami sarta nurutkeun Gambar Pakuan Pajadajaran, pinagaraeunana teh ayana di tatar Alasan Pasagi Wétan, ngan pingaraneunana nagara kumaha engké baé buktina.”

Sanggeusna Kangjeng Raja Siliwangi ngadawuh kitu, terus putrana Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, disaur, sarta didawuhan kudu ngamplang ngumbara ka tatar Alasan Pasagi Wétan, néangan pinagaraeun, sarta diréncangan ku dua Tumenggung, nja éta Dipati Tumenggung Séwana Giri, jeung Dipati Tumenggung Séwana Guru, sarta dipasihan jimat Makuta Siger Kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar Lawé Domas Kinasihan.

Saparantosna sadia lajeng Munding Mintra Kasiringan Wangi jeung Tumenggung Séwana Giri ,Séwana Guru angkat tiluan. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radén Munding Mintra sarta dua Tumenggung lirén di dinya, pok mariksa ka Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, kieu lahirna: “Hé, mang Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, boa-boa nya ieu pinagaraeun téh!” jawabna dua Tumenggung: “Sumuhun dawuh, émutan pun paman ogé kawas-kawas yaktos pisan ieu, pantes upami didamel nagara téh, margi palemahanana saé, tanah kalingkung ku gunung, bahé ngétan, nya nu kieu nu disebut Galudra Ngupuk téh.”

Tuluy Radén Munding Mintra neneda ka jimatna Makuta Siger Kancana, sarta neneda ka Déwa Batara Sanghiang Utipati. Dimakbul panedana, tuluy éta tanah dicipta, jleg jadi nagara, sarta maké bénténg 5 lapis, salapis bénténg beusi, salapis waja, parunggu, pérak, lapis nu pangjerona beusi purasani. Ti dinya neneda deui ka Déwa mundut pamuk 8.000, baladna 80.000, badégan 65 nu purah ngurus di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawuh eusi nagara, tuluy Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi barempug jeung Tumenggung Séwana Giri, Séwana Guru, baris nangtukeun pingaraneunana éta nagara. Tapi dijawab ku Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri: “O, Radén, perkawis pingaraneunana ieu nagara, ulah ngaborongkeun rama baé, Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung saé abdi baé utus ka Pajajaran ngadeuheus ka Gusti”. Nya tuluy Radén Munding Mintra ngarempugan. Ti dinya lajeng Tumenggung Séwana Guru angkat séja ngadeuheus ka kangjeng Prabu Siliwangi.

Teu kacarios di jalanna, parantos sumping ka nagara, lajeng marek ka Kangjeng Prabu Siliwangi, sarta terus unjukan yén dipiwarang ku putrana nyuhunkeun pingaraneunana éta nagara, wiréh saniskanten parantos sayagi, henteu acan dingaranan.

Dawuhan Kangjeng Prabu Siliwangi: “Ari pingaraneunana éta nagara kudu Tanjung Singuru”. Ti dinya Tumenggung Séwana Guru amit mulang, parantos dongkap ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Munding Mintra Kasiringan Wangi: “Kumaha dawuhanana Gusti Prabu Siliwangi?” Tuluy diunjukkeun ku Tumenggung Séwana Guru, yén dawuhanana pingaraneun éta nagara téh kudu Tanjung Singuru, sarta raja kudu gentos jeneng, Prabu Jaka Susuru”. Saur Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi: “O, atuh nuhun, yén ayeuna nagara geus aya angaranna, sarta kami digentos jenengan, ngan hanjakal baé acan boga pawarang. Ari ayeuna saha deui nu baris pibelaeun, kajabi ti mamang dipati, ayeuna diperih pati, kudu neangan Putri keur baris pawarang”. Saur Tumenggung Séwana Guru: “Mangga abdi ayeuna mendak wartos, aya mojang di nagara Bitung Wulung, putra Tumenggung Bitung wulung, Pangeran Jungjang Buana, jenenganana eta Putri nu hiji Sekar Jayanti, hiji deui Jayanti Kembang”. Saur Prabu Jaka Susuru: “O, atuh lamun kitu mah urang sakalian baé lamar, nyandak sakumaha adat biasa panglamar, keur ka Tumenggung Bitung wulung”. Ti dinya lajeng Patih angkat.

Geus dongkap ka nagara Bitung wulung, kasondong Raja keur lenggah, tuluy Patih ngadeuheus, dipariksa ku Raja: “Ti mana sampéan, saha tuang kakasih jeung rék naon?” jawab Tumenggung Séwana Guru; “Numawi marek, ieu kuring téh Patih Tanjung Singuru, badé ngalamar, jadi utusan Ratu. Kumaha putra sampéan yaktos lagas kénéh? Upami lagas ayeuna disuhunkeun”. Saur Raja: “Bener kaula boga anak, tapi ku ieu ku ieu ogé dilamar teu dibikeun baé, ayeuna dipundut ku turunan Pakuan Pajajaran, Prabu Jaka Susuru, ari cara kaula mah ngan sambung dunga, sarta ulah dilila-lila, sabab Putri geus sawawa”. Saur Patih; “Upami kitu nuhun, malah ayeuna oge bade dibantun sakalian, supaya dinten ieu kasanggakeun ka Prabu Jaka Susuru”. Saur Raja Bitung wulung Jungjang Buwana: “Ih atuh ayeuna mah urang sakalian baé dianteurkeun ku kaula”. Ti dinya terus ararangkat, kocap geus sumping ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Prabu Jaka Susuru hasil henteuna. Patih lajeng unjukan yén hasil, malah kabantun, sarta disarengan ku ramana, sarta tuluy ku ramana dipasrahkeun ka Prabu Jaka Susuru, saurna: “Ayeuna mangga nyérénkeun, geus teu ngalalangkungan Prabu Jaka Susuru”. Tidinya ramana Putri mah amit mulih ka nagarana di Bitung wulung.

Kacarios Prabu Jaka Susuru, mundut kempelan sareng Dipati, para ponggawa sakabéh, badanten baris pésta réh parantos kagungan pawarang tacan dipéstakeun. Teu lami geus ger pésta ramé 7 poé 7 peuting.

Tunda sakedap lalakon Prabu Jaka Susuru, kocapkeun aya hiji nagara, nagara Gunung Gumuruh, jenengan Rajana Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta Raja teu kagungan garwa, ngan kagungan sadérék istri hiji jenengan Ratna Kembang Tan Gumilang.

Raja keur linggih di Paseban, ngadangu anu pésta di nagri Tanjung Singuru, tuluy nyaur raina nyai Putri Ratna Kembang: “Nyai di mana éta nu pésta téh?”

Jawab Putri: “Éta nu pésta téh, di nagri Tanjung Singuru, Rajana keur oléng-pangantén jeung Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang”.

Saur Raja: “ O, atuh éta mah mojang kantanan akang ti baheula, éta Putri Sekar Jayanti téh bébéné akang. Coba nyai dagoan heula, ayeuna ku akang rék diiwat”.

Jawab raina: “Akang ulah, sabab éta mah pawarang Raja, najan akang weduk ogé moal mampuh, tangtu urang cilaka”.

“Ah keun baé ku akang rék direbut, moal beunang dicaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Prabu Jaka Susuru ku akang dék dilejokeun, ré dibobodo disebutkeun di kawah Domas aya inten gedéna sagedé énéng, sina dicarokot, sarta mun geus di jero kawah, pantona ku akang rék ditutup”.

Lajeng Raja Gunung Gumuruh angkat, geus sumping ka Tanjung Singuru, terus pamit neda eureun.

Katingali ku Raja Tanjung Singuru lajeng dipariksa: “Sampéan ti mana asal, sarta saha jenengan tara-tara ti sasari, kawas anu aja béja?”

Jawabna: “Leres akang téh Raja Gunung Gumuruh, nu mawi dongkap ka dieu, seja bakti nagri, nyanggakeun jelema, sareng inten buntet sagedé énéng, nu aya di kawah Domas: teu aya deui nu baris piiasaeun nyandak ngan rai, nu kagungan milik”.

Lajeng Raja Tanjung Singuru nyaur ka raina: “Kumaha Nyai éta urang ayeuna dibaktian nagri jeung intan, kumaha hadé

Jawab raina: “Entong raka, biheung teuing éta anu rék nganiaya ngagoda ngarancana ka urang, sareng ieu rai séjén raraosan, asa rék ngandeg”.

Tapi Patih Tumenggung Sewana Guru unjukan: “Moal saé nu bakti teu ditampi, ayeuna mah mangga baé urang angkat.” Ti dinya lajeng arangkat Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri sareng Raja Panarak Jaya. Teu kocap di jalanna, geus sumping ka kawah Domas.

Barang sumping lajeng Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Sewana Guru sarenga Sewana Giri narempo kana éta kawah. Teu tata pasini deui ku Raja Gunung Gumuruh, éta nu tiluan téh ngan dijejekan baé digebruskeun kana kawah Domas. Barang geus tigubrag tiluanana, tuluy pantona ditutup ku batu wulung ku éta Raja Gunung Gumuruh. Éta ménak nu tiluan di jero dasar kawah Domas, terus tatapa, lamina kénging 30 taun.

Ti dinya Raja Gunung Gumuruh teras angkat ka nagara Tanjung Singguru, maksudna rék ngandih nagri. Barang sumping lajeng dipariksa ku Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang: “Raka, Raja Gunung Gumuruh, naha di mana kénéh ari Prabu Tanjung Singuru?”

Jawabna: “Nyai ayeuna entong nanyakeun Prabu Jaka Susuru, sabab ku akang enggeus di jerum, ayeuna mah carogé nyai téh nya akang pisan, sarta ieu nagara ku akan rék diandih.”

Jawab Putri: “Ah duka, sabab kuring mah moal pegat tuhu ka Prabu Jaka Susuru!” Keukeuh Putri dipaksa, teras éta Putri mabur, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus jejeg 9 sasih, éta putri ngowo di tengah leuweung, putrana pameget sadaya, sarta dijenenganan éta murangkalih nu ti Sekar Jayanti: Heulang Boengbang Legantara Lungguh Tapa Jaya Perang, ari nu ti Jayanti Kembang jenenganana Kebo Keremay Sakti Pangéran Giringsing Wayang. Éta murangkalih duwanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan. Barang geus yuswa 10 taun éta marurangkalih sareng ibuna teras ngungsi ka nagara Tanjung Sumbara. Anu kagungan nagara éta Gajah Karumasakti; ari garwana dua, jenengan Purba Déwata, Tarna Déwata. Barang sumping éta marurangkalih sareng ibu-ibuna ka payuneun Raja Gajah Karumasakti, dibagéakeun: “Oh sukur nuhun bagéa sumping, ieu téh nu ti mana, sarta turunan saha?”

Jawab Putri; “Upami Raja percanten, ieu pun anak, turunan Kangjeng Prabu Siliwangi, putra Prabu Jaka Susuru; ari kuring ibuna, nu mawi ka dieu seja nyuhunkeun tulung panggugahkeun Prabu Jaka Susuru, nu aya di jero dasar kawah Domas, dijerum ku Raja Gunung Gumuruh”.

Dawuhan Raja: “O nyai, hadé ku akang ditulungan. Ayeuna éta nagri Tanjung Singuru urang jieun lantaran, supaya kauninga ku Raja Gunung Gumuruh, éta nagri urang huru”. Jawab Putri: “Saé, nanging muga énggal digugahkeun heula nu aya di dasar kawah”. Lajeng Raja Karumasakti angkat, barang sumping ka Tanjung Singuru, teras éta nagri dihuru, seuneu muntab-muntab saeusi nagri budal ngalér ngétan ngidul ngulon, nagara burak-barik.

Jawabna: “Ieu nagara kula” Ceuk Raja Gunung Gumuruh; “Nu kula”.

Paaku-aku, tungtungna ger perang éta Raja Gajah Karumasakti jeung Gunung Gumuruh, ramé gelut ngadu kasaktén; tungtungna Raja Gunung Gumuruh kadéséh perangna, nepi ka taluk ka Raja Gajah Karumasakti. Ti dinya Raja Gajah Karumasakti nyaur: “Ayeuna manéh taluk, tapi kudu geuwat ngagugahkeun Prabu Jaka Susuru ti dasar kawah Domas”

Jawabna: “Mangga, tapi kedah sareng, sareng sampéan, urang ka kawah”. Ti dinya lajeng arangkat, barang sumping kana kawah Domas, batu tutupna téa tuluy dijungkatkeun, béh kapendak éta nu tiluan téh, Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri, lajeng digugahkeun dihanjatkeun.

Éta Raja Gunung Gumuruh nyanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina urut waktu tadi sakitu ngaya-ngayana ka éta Prabu Jaka Susuru, sarta nagarana katut eusina dipasrahkeun rawuh sadérékna nu istri disanggakeun ka Prabu Jaka Susuru, supaya didamel pawarang. Satuluyna nagara Gunung Gumuruh kaparéntah ku Prabu Jaka Susuru.

Ti dinya lajeng Prabu Jaka Susuru angkat sareng putri sadérékna Raja Gunung Gumuruh ngabujeng ka nagara Tanjung Sumbara. Jadi tetepna Raja Prabu Jaka Susuru di nagara Tanjung Sumbara kagungan pawarang 3 putra 2 papatih 4 nya éta:
1. Tumenggung Séwana Guru
2. Tumenggung Séwana Giri
3. Tumenggung Gajah Karumasakti
4. Tumenggung Badak Tamela Sakti Panarak Jaya

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar