SANGHYANG JEUNG
DANGIANG
Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu
nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna
henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung
Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan
henteu aya eureunna. Panyakit sarakah nerekab ka mana-mana. Tungtungna silih
caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama
lai kaom lemah mah, rahayat leutik cacah
kuricakan.
“Kuduna mah Kresna ti heula apal. Tapi buktina bodo balilu
nataku. Teu bisa maca kaayaan alam dunya . Matak ti batan digugat ku batur,
mending ku aing dulur saluhureun. Detik ieu kénéh geura écagkeun éta gelar
batara!” ceuk Baladéwa.
“Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku
tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala
rupina gumantung ka kersa déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja
Triloka.”
Mun teu kitu buktikeun atuh, yén jelema nu ngaran Kresna téh
enya-enya wawakil déwa di dunya. Saluyu jeung sesebutanana: Sri Batara Kresna.”
“Dupi carana?”
“Supaya alam dunya tengtrem ayem, dangiang jeung sanghyang
kudu ngahiji!”
“Maksadna?”
“Resi Dorna ulah aya di Astina. Teuing kumaha carana, sina
pindah ka Amarta!”
Ngadangu kasauran ingkang raka Baladéwa, Kresna ngahuleng
sakedapan. Sababaraha kali naros jero manah, walereun anjeunna nyalira: naha
atawa semet kayakinan tuang raka. Tapi boa enya, gerentesna. Buktina Pandawa
jeung Kurawa, hésé pisan diakurkeunana. Mun lain kawas ucing jeung anjing, lir
cai jeung minyak. Moal bisa dihijikeun.
Kitu-kitu émutanana gentos cangcaya. Naon patalina antara
gelar anugrah paradéwa jeungkalakuan paraputuna Bharata. Duanana masing-masing.
Nya kitu deui rupaning kajadian marcapada, kénéh-kénéh kersaning Jagat Déwata.
Paralun gara-gara sanghyang jeung dangiang papisah béda nagara.
“Kumaha Kresna, sanggup atawa henteu? Mun teu sanggup, geura
écagkeun ayeuna kénéh gelar batara,“ tambih dibarung tutunjuk sagala.
“Sanés soal sanggem atanapi henteu. Namung naha
leres pangna alam dunya gétréng harénghéng téh, gara-gara Sanghyang Ismaya
(Semar nu ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang Dorna (anu aya di Sokalima,
Astina) papisah béda nagara?”
“Tong bulat-beulit, sanggup atawa henteu?”
“Sakali deui pangapunten, rupina tuang rai moal tiasa
nyumponan kapalay salira.”
“Teu nanaon. Ngan sing boga kaéra. Jeung ulah hayang
dipaksa, ayeuna kénéh écagkeun gelar batara ka Kresna. Leuwih hadé Kresna ulah
aya di dunya.”
“Aéh-aéh naha
jadi ka dinya léosna, “ saurna, Kresna kagét ningali Prabu Baladéwa langsung
ngagegesek dampal panangan kiwa jeung tangen.
“Nanaonan Kakang éta téh,” niatna badé ngahalangan laku
rakana. Hanjakal elat, margi tina dampal panangan Prabu Baladéwa, kabujeng
bijil cahaya pikaserabeun. Disusul burinyayna tanda pakarang sakti Nenggala,
sumping nyumponan pangangkir dununganana.
“Keur pamungkas, sanggup atawa henteu, ngahijikeun sanghyang
jeung dangiang?” kituna téh bari
nonjokkeun congo
Nenggala kana lebah dada Kresna.
Kantenan Kresna tambih reuwasna. Sageuy anjeunna teu uninga,
kumaha kasaktian Nenggala. Sakilana dilempagkeun, ulah ku katibanan langsung,
sanajan ukur kaliwatan, gunung urug sagara saat. Batu ancur, tatangkalan
rarungkad. Anu mawi mééh sok masihkeun éta pakarang, Prabu Baladéwa
dipeupeujeuhan, sangkan ulah ngagunakeun sadaékna. Tapi pikeun mayunan karaman
jahat, nu teu teurak ku pakarang séjén, Nénggala kakara meunang dipaké.
“Kakang nanaonan ieu téh? Simpen deui. Kumaha mun tuang rai
janten korban!”
“Naon gunana Kresna hirup. Batan diwiwirang ku batur,
dianggap Batara ukur ngaranna, mending dipaéhan ku aing lanceukna. Iwal sanggup
ngahijikeun sanghyang jeung dangiang!”
“Simpen heula pakarangna,” Kresna ngawitan bingung, kedah
kumaha ngalelemah ingkang raka. Rék lumpat ka mana, geus teu aya kasempetan.
Tungtungna, “Kakang ampun Kakang.”
“Jangji heula rék sanggup ngahijikeun sanghyang jeung
dangiang?”
*****
Caturkeun di Jonggring Salaka Kadéwan, Hyang Otipati
Jagatnata, teu kirang-kirang reuwas sareng hariwangna, ngabandungan kalakuan
dua putra Basudéwa.
“Emh … dasar Ki Narayaka (jenengan Baladéwa waktos tacan
sawawa) kalakuan téh, mindel lebeting manahna. Ku anjeunna jol kajudi, bakal
kumaha jadina, saupami Baladéwa ngalaksanakeun niatna, padahal pan tugas Kresna
téh panjang. Di antarana jadi saksi perang Bhatarayuda jaga.”
Sabot kitu katingal aya nu nu sumping, bari
celak-celuk ti jauhna:
“Adi Guru …. Adi Guru … tiwas ….tiwas ….Adi Guru,” sidik
soanten Hyang Narada Kabayan Déwa.
Bagéa Kakang,” Hyang Guru ngabagéakeun nu sumping.
“Moal panjang misaur, naon nu kedah dilakukeun ku Akang
ayeuna?” cenah semu haruhah-haréhoh.
“Buru-buru lungsur ka Marcapada, bilih kabujeng duana ilang
wiwaha. Émut di Kresna aya cakra. Dina kadéséhna piraku teu sami nékadna. Upami
dugi ka kitu, dunya bakal kiamah jadina.”
“Nya éta nu mawi Akang rurusuhan nepangan téh,” langsung
mundut widi seja ngajalankeun tugas, salaku Kabayan Déwa.
Naon nu dipikahariwang ku Batara Guru sareng Narada,
ampir-ampiran ngawujud. Ngaraos kulak canggeum bagja awakna, sasat aya dina
dampal panangan rakana, Kresna kapaksa ngetrukkeun élmuna. Batan jadi caduk
Nenggala, leuwih hadé ngaluarkeun pakarang nu teu kurang saktina, nya éta panah
Cakra Wijaksana. Kumaha onam Nenggala, sakalina dipentangkeun paralun mulang
natambuh.
Malah cakra mah aya langkungna. Ulah sina ngancurkeun alam
du nya, malah alam kadéwataan bisa rata.
“Nyaan Kakang téh rék téga?” sasauranana robih janten rada
kasar. Éta cirina Kresna ngawitan teu kiat nahan amarah.
“Maké teu téga. Jang nanahaon gableg adi nyangking gelar
batara, tapi dipeto sina ngahijikeun sanghyang jeung dangiang baé teu metu.
Pokona titis tulis ti ajali, gurat kodrat ….” cenah teu kebat. Sabab katingal
Kresna nepak dada palih kénca. Sarta harita kénéh alam dunya teu pupuguh poék
mokléng, méméh muncul cahaya gumilang. Disusul aya sora handaruan, badis tujuh
gunung bitu, ditambah sagara bengkah.
Tegas Baladéwa parantos enya nékadna. Matak panangtang Tuang
Rai Sri Batara Kresna, moal rék dipanglumpatkeun. Nénggala siap pisan
dilempagkeun, waktos kadangu soanten Panji Narada:
“Aéh-aéh …. nanaonan Narayaka-Narayana,” saurna, buru-buru
lumungsur ti langit pingpitu.
Abong kasauran déwa, dua satria nu tadina parantos ilang
wiwaha, lir nu saré dihudangkeun. Éling teu sakara-kara.
“Hayoh asupkeun deui éta pakarang!”
Sorot soca Batara Narada, sageuy teu aya matakna. Duanana
kawas munding dicocokan irungna, jol anu manut sakumaha pamundut Kabayan Déwa.
Nenggala jeung Cakra balik deui kana tempatna. Alam dunya katut eusina teu
tulus jadi korban dua gegeman linuhung lungsuran déwa.
“Nanaonan ari manéh Narayaka?” saurna ka Baladéwa.
“Ah, da maksudna gé ukur nyingsieunan,” bébéléhéman.
“Nyingsieunan ngarah naon?”
Baladéwa teu ngawaler. Nya kitu deui Kresna, cekap tumungkul
tawis nyanggakeun sembah hormat. Ongkos teu diwaler. Piraku teuing harkat déwa,
maké teu apal asl-usulna.
“Sanghyang jeung dangiang mémang ngahaja dipisahkeun.
Hartina moal ngalalakon bisa dihijikeun. Atuh ari ngahiji mah, perang
Bhatarayuda téh kana bolay. Da apan gara-gara Aya Dangiang Dorna, Kurawa
ngarasa nguntup kana wewesen para Pandawa. Maranéh nyaho kumaha balukarna upama
Bhatarayuda nepi ka bolay?”
Duanana angger teu ngawaler. “Lian ti harkat déwa bakal
ruksak, kagoréngan bakal leuwih langgeng ngawasa alam dunya!****
Dicutat tina: Majalah Manglé No.2150
Carpon Wayang Ki Jatnika
Sumber : Mustika Basa KelasXI
mugya manpaat,,Rahayu _/\_
CAG
Tidak ada komentar:
Posting Komentar